TAUHID

Tina Basa Sunda
Konci Surga nyaeta Tauhid
ku: Abu Luqman As-Sundawiy
Sakabeh jalma pasti hayang asup ka Surga, sabab pangbalikan di akherat ngan aya 2 nyaeta Surga jeung Naraka. Diantawis konci sagala kahadean sacara mutlak nyaeta tauhid jeung ikhlas dina ibadah. Tauhid mangrupakeun konci syurga. satiap jalma moal bisa asup surga mun teu mawa koncina. Aya hiji katerangan ti Al Hafiz al-Bazzar ti kitab musnadna, hadits ti Muadz bin Jabbal, Nabi Shalallahu alaihi wasalam ngadawuh:
مِفْتَاحُ الجَنَّةِ شَهَادَةُ أَنْ لَا إِلهَ إِلَّا اللهِ
Hartosna: Konci Sorga teh nyaeta syahadat la ilaha illallah (teu aya ilah nu haq di sembah salian Allah).
Sanajan hadits ieu aya koreksian ti paraulama, namung teksnamah shahih tur bener. Kusabab aya dalil nunguatkeun rea-rea pisan. Namun aya hiji hadits nujentre ti hadits umar bin khattab, saestuna nabi Shalallahu alaihi wasalam ngadawuh nu hartosna: sing saha jalma anu wudhu tur nyampurnakeun wudhuna dituluykeun ku doa “Asyhadu anla ilaaha illallah, wa anna muhammadan Abduhu warasuluh, bakal dibukakeun dalapan panto Syurga bisa di asup ti panto nudipikahayang manaehna. (HR. Shahih Muslim)
Tauhid nyaeta konci surga, singsaha jalma nu teumawa koncina moal asup ka syurga.
Lailaha illallah nyaeta kalimat tauhid anu hartosna konci surga. Mung teu di sebut konci lamun eweuhna garigina. Moal asup singsaha jalma eta mun teu ngamalkeun naon wae nu jadi syarat tauhid.
Syarat tauhid aya 7: elmu, yakin, jujur, ikhlas, cinta, tunduk, jeung sumerah diri tur narima. Lawan tauhid nyaeta Syirik. Dosa anu teu di hampura mun di bawa paeh tina ka ayaan syirik.
Numatak urang kudu ngajaga diri tina dosa syirik (ngajadikeun tandingan pikeun Allah Ta’la). Ngajauhkeun diri tina kazoliman nu kacida bahayana, tina larangan Allah nu kacida badagna.
Kumaha arek asup ka surga mun mawa konci nu salah. Tauhid jeung ikhlasteh mangrupakeun kawajiban nu kahiji nukudu bener-bener di tuntut pikeun ngamalkeun nu bener. Dina nalika urang teungajaga diri tina syirik, dosa gede hukumna, murtad nungalakonanana jeung naraka bageanana.
Rukun islam nu kahiji nyaeta tauhid. Nuntut elmu pangaweruh sangkan boga kayakinan nu hade oge pondasi pikeun amal-amal urang. Meh urangteh jadi jalma anu takwa, bagja bagea syurga pangbalikanana.
Numatak rek deket kumaha eta surga lamun urang lalay keneh dina nuntut elmu agama. Kukituna hayu urang sadaya sing getol nuntut elmu pangaweruh nu di landaskeun ku Al-Quran jeung Sunnah Nabi Shalallahu alaihi wasalam pikeun ngagapay kaimanan anu sampurna.
Wa shalallahu alaihi wasalam.